(Bahasa Sunda)
Oleh :
Nanang Ikhwan Krisnaya
Saupami pangeresa kagungan waktos luang, keresa langak-longok nongton flora-fauna nu nyampak di buruan, contona dimana kawenehan mendak sato papatong nuju eunteup dina dangdaunan. Cobi tengetan kumaha tingkah prilakuna, hiber ti daun ka daun, hiber ngalengleong kacandak palid ku arus angin, hiber ngambang, nyeuseup cai sesa ibun, sste.
Sihoreng darmawisata henteu kedah tebih-tebih ka pagunungan atanapi ka Ragunan, di buruan oge nyatana tiasa mendak suguhan hal-hal aheng anusateuacanna henteu kauninga. Upami kawitna mung tina sakadar nongton lajeng ditingkatkeun bari keresa neuleuman langkung tebih, gunem catur dina manah, diolah ku pikir, hasilna janten kajian sederhana anu cukup janten hiburan pribadi.
Tangtos kajian ieu versi sim kuring anu awam, nanging bawiraos saupami tiasa diangkat ditingkatkeun janten suguhan aoseun anu langkung lengkep tur narik, kantenan upami ka nu sipatna ilmiah.
Para pangeresa anu linggih di di flat-flat, di apartemen, atanapi di kawasan hunian modern mungkin rada sesah mendak sato gegeremet (insekta) anu disebat papatong. Nanging kangge masyarakat padesaan masih kapirajeunan mendak rupi-rupi Papatong ngapung bebas merdeka sapertos gegeremet sanesna kayaning : kukupu, bangbara, bangbung, simeut, lege, tiwuan, odeng, sste.
Dina kamus basa Sunda kaunggel : Papatong ngaran sato golongan insekta indung kini-kini (kuang-kuang) anak papatong anu masih keneh hirup dina beungeut cai, ku urang Bogor disebat Satang (Sasatang), ku urang Inggris disebat Dragonfly (naga hiber) : fictional creature with wings and clows. Hanjakal sim kuring henteu terang istilah dina basa latinna. Hal eta urang sanggakeun ka para pangeresa ahli biologi. Nanging ku urang Sunda anu seneng kana basa kirata, Sasatang disebat Papatong, hartosna “Jangjang papat dina tonggong”, memang papatong gaduh dua pasang (opat lambar) jangjang dina tonggong luhureun badanna.
Sim kuring emut keneh, mangsa keur budak harita sering kapendak aya opat rupi papatong, nyaeta : Papatong Beusi, Papatong Beureum, Papatong Koneng, sareng Papatong Jarum.
Aya kamungkinan pangna disebat Papatong Beusi kumargi bentuk tubuhna nyiku lebah tonggongna, persis tonggong panser (tank waja), motto panser “ulah urang keun batur (katojo pelor)”, warna tubuhna loreng kombinasi hideung sareng hejo metalik. Tampilan sapertos kitu maparin kesan weweg lir ibarat tank waja, padahal kanyataan sabalikna, papatong sato hampang tur uduh.
Bangsaning papatong anu sanesna nyaeta Papatong Beureum, disebat sapertos kitu jalaran sakujur awakna dominan warna beureum. Papatong anu hiji deui nyaeta Papatong Jarum, disebat sapertos kitu jalaran satengah bagian badan ka pengker nyolocos seukeut sapertos jarum kecos.
Dua spesis anu kasebat di payun, ku sim kuring masih sering kapendak ngulampreng ngapung ka buruan, eunteup dina dangdaunan atanapi kekembangan. Nanging Papatong Jarum ayeuna janten sato langka. Papatong Jarum biasana sok ngapung ngambang dina beungeut cai, sapertos dina kubangan, cai ngabeungbleu, sste. Hal eta ayeuna mungkin moal kaalaman deui, musnah sairing sareng nagara urang lebet kana era pestisida.
Sacara umum opat rupi papatong tadi gaduh kalengkepan tubuh sareng fungsi anu sami, hulu buleud sapertos para motobiker ngangge helm tutup, panon molotot buleud teu bisa ngiceup, dua jangjang transparan. Satengah bagian badan ka pengker nyolocos lembut, gaduh tilu pasang suku anu pangkalna meh ngumpul dina hiji titik, sapasang suku payun pondok, dua pasang suku pengker kangge alat pendarat sareng ngaitkeun diri ngaranggem dangdaunan. Papatong henteu gaduheun ramo sapertos jalmi, leungeunna bentuk kait sapertos bajak laut dina dongeng-dongeng (lengkep sareng tebeng soca sabeulah). Saleresna komandan bajag-laut model kieu ukur bisa haok.
Dugi ka ayeuna teu acan aya anu pangangguran nimbang sabaraha gram beurat total awak papatong. Nanging dina kanyataan, hiji papatong hampang lir ibarat salambar keretas papir kangge nyesep, mungkin ukur gram-graman. Upami nuju eunteup ditiup angin, goyang kacandak gerak ngenca-ngatuhu nuturkeun irama angin.
Ku hampang-hampangna papatong, dimana ngapung tiasa ngamangpaatkeun tiupan angin, ngiring ngalengleong sakarepna. Oge papatong ngamangpaatkeun arus termal ngapung mumbul tanpa seueur ngaluarkeun energi.
Papatong sato uduh, tulang-tulangna sarwa enteng. Nanging tangtos dina lebet anu uduh eta ngandung sistim organ anu sarwa rumit tur sampurna. Papatong ngagaduhan engsel-kepak kangge ngagerakkeun jangjang, gaduh sistim urat sareng syaraf oge sistim pernapasan anu sampurna.
Bangsaning papatong memang riba ku jangjang, kumargi kitu papatong meryogikeun area anu lega tur bebas rintangan. Dimana eunteup sukuna ngait kana dangdaunan anu nenggang, sapertos dina pucuk-pucuk daun anu negrak. Papatong moal tiasaeun ngapung salasap-sulusup dina longlongkrang dangdaunan anu kerep, jembet, sapertos halna sato gegeremet sanesna. Cobi perhatoskeun Simeut dimana eunteup jangjangna anu nilep sajajar tubuhna ngajurus ka pengker, nilep rapih ngarungkupan tonggongna. Simeut henteu saperetos papatong, simeut mampu hiber diantara celah-celah dangdaunan.
Papatong dimana eunteup jangjangna tetep ngembang ngenca-ngatuhu sapertos halna jangjang kapal-udara konvesional, tei tiasa ditilepan sapertos jangjang simeut.
Parantos bawaannana papatong dimana eunteup osok milih dangdaunan anu ngacung ka luhur, maksadna dimana turun hujan butir-butir cai hujan moal neumbrag langsung ngareksak jaringan (selaput) jangjang. Nanging cai hujan kaiiris ku sisi payun jangjang bagian payun. Cai nyorolok sapanjang bidang jangjang, sanaos hujan ngagebret nanging kondisi jangjang tetep utuh.
Bentuk hulu papatong anu buleud sapertos helm-tutup ngamungkinkeun papatong norobos butir-butir cai hujan, oge papatong mampu hiber lincah, saurna sulit kangge ukuran para penerbang aerobatik ngalakukeun manuver-manuver sapertos anu dilakukeun ku papatong. Hal sapertos kitu jalaran bentuk tubuh papatong anu aerodinamis-streamline sareng konstruksi jangjang anu nyaris sampurna ngamungkinkeun papatong mampu ngapung akrobatis malih ngapung ngambang sapertos helikopter atanapi manuk colibrita.
Sim kuring curiga papatong henteu bogaeun ceuli (alat reungeu), sakumaha tarikna sim kuring ngagorowok nyatana papatong henteu kapangaruhan. Nanging dimana aya hiji gerakan sapertos upami sim kuring ngaringkang, papatong ngarasa kagebah enggal hiber sakaparan-paran.
Manjing ashar, papatong ngawitan lebet kana periode tidur, istirahat dugi ka enjing. Pukul 06.00 mangsa panas panon poe nyebor beungeut dunya ngabagi panasna sacara walatra, papatong nguliat siap-siap hiber deui cari makan. Aktivitas harian rata-rata dalapan jam kitu oge upami dintenna candra. Nanging upami kaleresan cuaca awon wayahna kedah tiasa noroboskeun kasempetan, sajam, dua jam malih seseringna puasa. Hanjakal teu acan kapaluruh naon parab kabeukina.
Papatong sanes sato sosial, seseringna hirup nyorangan, sesah pisan tepang sareng bangsana. Urang hipotesakeun, mungkin papatong gaduh cara khusus saupami hoyong tepang sareng papatong lawan jenisna. Mungkin papatong jalu ngantunkeun zat dina dangdaunan, dimana aromana nyambuang ngondang parhatian papatong bikang. Dimana tepang teu pindo damel lumangsung perkawinan.
Kangge bangsa papatong, masa bercinta mungkin ukur dina waktos singget. Dina kamus kahirupan papatong teu aya istilah pakaleng-kaleng, silih tungtun silih tangkeup, tanpa onderarm. Nu aya ukur istilah kunjungan singkat, rengse perkawinan langsung bubar, hirup masing-masing deui. Papatong bikang nebarkeun endog dina beunget cai, hartosna dina mangsa tigerat model halodo panjang, kangge papatong teu aya istilah bercinta jalaran teu aya cai ngumplang.
Upami nitenan ruang gerak papatong mungkin ukur dina bilang puluhan atanapi ratusan meter persegi. Benten tebih sareng bangsa aves (manuk) anu mampu hiber ngahontal puluhan kilometer persegi. Hanjakal aya kalana papatong kapancing ku sorotna bohlam, tanpa pikir panjang hiber norobos angin-angin ahirna kasenteg dina lebet hiji kamar, garapak-gerepek kabingungan, eta mangsa-mangsa kritis. Di opat dingding ngincer sababaraha cak-cak nguber pinuh sumanget, kamana papatong hiber teras eunteup, ka dinya cak-cak ngarayap, papatong janten bulan-bulanan.
Papatong ditakdirkeun teu gaduheun senjata, kangge mertahankeun diri gumantung kana kakuatan jangjangna. Padahal kasebat ngapung hartosna ngagerakkeun jangjang, ngagerakeun jangjang hartosna ngagunakeun tanaga, tanaga nyaeta energi, energi aya watesna. Hiber bari dina status boroan, sarebu peraosan campur sieun, ber kaditu ber kadieu hiber nonstop. Dina situasi sareng kondisi sapertos kitu papatong kalintang dikuras tanagana.
Dina waktos singget papatong kacapean, leuleus seepen tanaga, tanpa ampun cakcak ngarontok lajeng nyapluk papatong anu parantos henteu daya. Tubuh enteng anu kawitna endah tur mampu ngapung lincah ngadadak rikes dina beheuman cakcak “the end of my live”, teu lami kakuping kumandang tarompet dipirig gendrang kematian ngiris-ngiris kalbu. Ternyata bangsa cakcak kalebet predator henteu benten sareng buhaya atanapi komodo. Payus upami cakcak disebat predator mini, buhaya rumah, komodo liliput anu sok nyaplukan bangsa gegeremet.
Emut mangsa keur budak, sim kuring osok diajak ngala papatong ku sababaraha rencang ulin ka Gunung Huni pengkereun Rumah Sakit Umum Tasikmalaya. Kang Enuh sareng kang Uun (parantos almarhum) duanana palinter ngala papatong. Tehnikna ngabalur ujung nyere ku leugeut (geutah nangka), teras rerencepan, ngadodoho papatong nu nuju rileks eunteup dina ujung dangdaunan. Papatong ngagarapak reuwas, nanging telat, jangjang papatong kabujeng napel dina leugeut. Kang Enuh sareng kang Uun nyerengeh bingah, serengeh kemenangan. Papatong diwadahan kana ruas awi, kangge parab si Denok Wekwok cangkurileung kagungan kang Uun.
Dupi pamolah Emay sareng Engkus benten deui (Note : sdrk Emay masih ngadosenan di salah sawios Universitas Negeri di Bandung). Dina tangan barudak anu dua ieu, papatong dibajuan keretas lajeng dileupaskeun deui. Tangtos bae papatong teu tiasa ngapung bebas sabiasana jalaran beurateun ku beban keretas. Sakapeung down atanapi crass landing, kantenan upami lagragna di balong, otomatis janten parab gurame. Atanapi papatong ditalian buntutna ku benang, ieu oge sami bae nambihan beban. Papatong hiberna henteu normal, eunteup dina regang, tali dina buntut pabeulit kana dangdaunan, papatong kacangcang, ahirna palastra, bugangna ngagantung di awang-awang, tebih tina taneuh. Kitu nasib papatong anu diangge kaulinan.
Mangsa tunggang gunung sapertos ayeuna, perasaan sim kuring j anten epes meer. Teu pira ningal papatong soeh jangjangna, ngagoler dina taneuh tanpa daya, teu wasa ngapung ngawang-ngawang sapertos bihari dina mangsa walagri. Dina pikiran ngadadak osok timbul emutan : papatong hirup ku jangjangna, dimana papatong leungiteun jangjangna tangtos moal tiasa cari makan, ieu oge hartosna menuju kana the end of live.
Dekade 50an dina dunya kadirgantaraan, angkatan udara urang kantos kagungan pesawat ringan anu populer disebat Piper Cup ku urang Jawa Barat biasa disebat Si Capung. Mesin tunggal dina irung pesawat, panumpangna tandem persis panumpang parahu lisung atanapi parahu sintung di pedalaman Kalimantan (saurnaTaun ). Anu calik di payun pilotna, anu calik di pengker panumpangna. Akhir taun 1900an bangkarakna masih tiasa kasaksi di Musium Transportasi TMII Jakarta.
Piper Cup nyata-nyata ngadopsi model papatong, sarwa enteng tur uduh. Kulit badan sareng jangjang dibungkus ku terpal ipis, kolecer tina kai Inggris, posisi jangjang persis luhureun kabin, ditunjang dua pasang galar panguat. Piper Cup barang modern nanging nyatana masih kawon lincah ku papatong. Papatong mampu hiber ngambang di awang-awang, gerakan g = 0 (zero gravity) sapertos helikopter, berkah ku parigel ngatur-ngatur posisi sareng gerakan jangjang anu opat. Piper Cup ringan, nanging papatong super ringan.
Upami ditapakuran, maha sampurna karya Gusti Nu Maha Kawasa, nyiptakeun sato lembut tur aheng. Upami sim kuring dugi kana pamikiran sapertos kitu, ngadadak ilang napsu hoyong mergasa nganiaya sagalarupining mahluk hiber sapertos papatong. Nya naon atuh hartosna manusa ? Mahluk anu mung sakadar numpang lewat di dunya ieu …………..
Kangge sagolongan manusa ayeuna, papatong janten barang asing, sesah mendak wujud aslina. Nanging papatong hadir dina buku-buku, foto-foto atanapi visualisasi sanesna sapertos bros sareng jepit dasi (pinset, manset), janten hiasan nalika full dress dina acara-acara resmi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan tulis komentar pada space yang tersedia. Komentar akan muncul setelah disetujui Admin.